Senin, 14 Desember 2009

DIBANJUR CAI ANGEUN-HASEUM

PANGALAMAN PARA MITRA

DIBANJUR CAI ANGEUN-HASEUM

Ku : Pu Marfuah

Gg. Campaka - Gerlong Girang – Isola-Bandung

Ieu carita kajadiana basa kuring sakola di tsanawiyah ari adi kelas lima SD. Harita kuring keuheul pisan kanu jadi adi, basa dititah meuli bahan kueh ka pasar teu nurut. Dipaksa-paksa oge kalah murengkel meulit kana suku siga oray Sanca teu daek indit. Antukna aya cai sesa angeun haseum sisi meja. Te talangke diguyurkeun kana sirahna. Puass siah....!

Kapaksa eleh deet, kuring miang ka pasar panas ereng-erengan oge. Terus bahan kue dibukaan hiji-hiji rek dipake nyieun kueh, lumayan keur nambah-nambah biaya sakola. Kuring anteng nyieun kueh, ti mimiti ngocok endog, nyampurkeun tarigu nepi ka ngopen kueh.

Ari ras inget kanu jadi adi, gebeg...kuring reuwas asa boga dosa. Kuring langsung muka kamarna, tapi adi teu kasampak. Kuring nanya ka tatangga susuganan kawenehan jeung adi kuring, tapi weleh teu aya nu nyahoeun. Kuring ngagidig muru sobat dalitna si Mustopa, tapi cenah geus lila ge tara ka ditu.

Ka mana atuh adi kuring teh? Kuring bingung, hanjakal sagede gunung. Naha kunaon atuh bet ngabanjur sirah adi ku cai angeun? Pasti ngambek, pundung, terus kabur. „Deudeuh adi .....Hampura eceu! Eta bakating kalangsu ku kesel“ gerentes hate. Teu karasa cai panon merebey maseuhan pipi. Kumaha pijawabeun kuring lamun Bapa jeung Emih seug mulang ti ondangan?

Wanci sareupna, rentang-rentang katingal adi kuring balik mapay galeung sawah bari niir belut opat siki. ”Tuh...si Wahyu, Pu!” ceuk Wa Ami bari nunjuk ka adi kuring. „Wahyuuu...“ si Endang Mang Ucim mah ngagorowok. Barudak anu ngagimbung surak eak-eakan ngilu bungah pedah si Wahyu geus kapanggih. Gabrug nangkeup adi kuring bari sasadu dumareda.

”Hapunteun Eceu nya, eceu jangnji moal rek sakali-kali deui deleka ka hidep,” ceuk kuring bari nyusutan cimata. Ari si Wahyu ngan hulang-huleng wae teu ngarti aya naon mani ibur sa lembur ear sajagat, manehna jiga pahlawan bae. Malah si Nunung, si Entin jeung si Ikoh teu ereun-ereun nyebutkeun cenah ”hidup wahyu...hidup wahyu...”.

”Abdi mah ti bada sakola ge tos niat bade ngurek belut. Tah ieu belutna kenging opat,” cenah ngomongna polos bari ngaleos ka jamban tukangeun imah rek ngolahan belut. Ayeuna mah si Wahyu geus jadi bos! Lamun pareng botram atawa parasman dina acara arisan kulawarga sok mindeng nyindiran, ”kade ah bahe angeun teh ka mastaka abdi”.

Kuring ngan saukur mesem. (**)